Selasa, 31 Januari 2012

Lirik Papatong - Bah Dadeng

Beurang maju ka lohor
Papatong nu koneng euntreup na regang
Ngageter jangjangna keur ngagupayan
Pancen keur wasiatan

*
Sore mengok ka Ashar
Papatong nu koneng hiber teu luhur
ngalayang ngawahan arek pamitan
poma tong ka jongjonan

Reff:
Papatong nu koneng teu tembong deui
Leungit indit teu pamit
Papatong nu koneng teu tembong deui
Tilem bewara baturna

Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa
Prak reureuh tina ka riweuh
Prak pasrah kanu Kawasa

back to *



23 komentar:

  1. raoseun lagu na.. Milarian lirik na, eh nyasar ka die. Hehee
    Wilujeung sonteun ah.. :)

    BalasHapus
  2. lirik riweuh dnk..... dri bungsu bandung

    BalasHapus
  3. Raosen euy...janten hoyong nyobian nyanyi pami kieu mah :D

    BalasHapus
  4. jadi inget ka maot ai mireng lagu papatong tina bah dadeng teh. hatur nuhun ceu.

    BalasHapus
  5. SIAPA PENCIPTA IHH JAWAB TOLONG AKU BUAT PR

    BalasHapus
  6. Waktos mwal tiasa di ulang nya.. .Jadi asa kaelingan.. Prak reureh dina kariweh. Sholat, sholat, sholat. Adzan tos gugupay. Manehna indit mwal pamit

    BalasHapus
  7. Hariring ,janten emut ka lembur ... raoseun pisan ieu lagu

    BalasHapus
  8. Asa betah mun nguping hariringna komo sirah aya dina lahunan si ema mah..

    BalasHapus